Pages

Minggu, 22 Februari 2015

Contoh naskah drama basa sunda si kabayan Ngala Nangka 5 urang


Kabayan Ngala Nangka

            Di hiji desa aya hiji kulawargi, nya eta kulawargi si Kabayan, nyi Iteung, pamajikanana Kabayan teh nuju hamil ngora. Dina hiji poe manehna teh ngidam hoyong pisan Nangka, tapi si Kabayan nu dasarna kebluk, tara daek ngala Nangka. Dina hiji isuk, Iteung nyamperkeun Kabayan nu keur sasarean di bale hareupeun imah.

Iteung : (Ngagangguan Kabayan) Kang, hayu gugah atuh pang ngalakeun Nangka kanggo
teung!

Kabayan : (Melek hiji soca, langsung sare deui) Haduh, Nyai, engke weh nya, isukan.
  Akang teh tunduh keneh!

Iteung : (Ngambek) Huh, si Akang mah teu nyaah ka Iteung!

Kabayan : (Ngorok)

Iteung : Ih si akang pikasebeleun pisan boga salaki teh!

Saking keheulna, Nyi Iteung angkat ka bumi Abahna Kabayan. Sanepina di bumi
Abahna Kabayan.


Iteung : (Lumpat sabari ceurik langsung nyanghareup ka Abah si Kabayan) Abahhhhhh....

Abah Kabayan : (Reuwas) Eleuh-eleuh, aya naon ieu, Nyai?

Iteung : Eta, Bah! Si Kabayan! Kuring teh ngidam, hoyong pisan Nangka, tapi manehna
tara daek mangalakeun!

Abah Kabayan : Geus tong ceurik atuh! Keun weh ke Abah nu ngomong ka si
Kabayanna!

Iteung : Muhun atuh Bah ai kitu mah syukur. (Sabari seuri)

Abah sareng Iteung balik ka imah si Kabayan. Sanepina di imah si Kabayan, Abah sareng Iteung ningali Kabayan nu sare keneh dina bale.

Abah Kabayan : Heh! Kabayan, kebluk! Hudang sia!

Kabayan : Aya naon atuh Abah? Isuk keneh geus adat-adatan!

Abah Kabayan : Maneh teh kumaha gening! Geus nyaho pamajikan maneh teh keur
hamil, ngidam Nangka! Lain mah diturutkeun kahayangna! Kalah
gogoleran teu puguh!

Kabayan : Atuh lain pangalakeun ku Abah! Gening kalah nitah ka kuring?

Abah Kabayan : Eleuh-eleuh ai maneh Kabayan, te sopan pisan siateh ka kolot teh, nyaho
Abah teh geus kolot, boro naek tangkal nangka, lempang ge geus hese

Kabayan : Heueuh bah, geus gandeng ke sakedeung deui dipangalakeun!

Abah Kabayan : Buru maneh teh! Ayeuna geura mangkat teangan tuh Nangka! Nu kolot
nya, Nangkana!

Kabayan : (Hudang) Heueuh! Kuring mangkat ayeuna lah!

Akhirna Kabayan mangkat neangan Nangka. Tapi Kabayan teu nyaho eta, tangkal Nangka nu keur buahan teh dimana. Sapanjang jalan, manehna luak-lieuk neangan Nangka.

Kabayan : Halahh nyaho teu boga tangkal nangka, kalah hayang nangka si Iteung mah. Nya kudu neangan kamana atuh ieu teh!

            Diperjalanan Kabayan kalah ereun cicing nyarande dina handapeun tangkal caringin bari nyuling jeung nyanyi sorangan teu puguh.

Kabayan : Nyeri nyeri di tengggel ku si Abah, tapakna geus eweh nyerina aya keneh, jaba mani lieur eta neangan nangka, Nya dimana atuh si Nangka cicingna. Si Iteung hayang nangka, nyaho apan te boga tangkal nangka, nya kudu kumaha neangan nangka,  aduh ala ieu lieur teh teuing!

Tuluy we si Kabayan  neangan deui tangkal nangka nu aya buahan. Akhirna manehna manggih hiji tangkal Nangka nu buahna leubeut.

Kabayan : Hahhh! Akhirna kuring manggihan Nangka! Karolot deui Nangkana! Kela-kela pan ieu the tangkal kang Bolot nu galak tea!

Kabayan luak lieuk, bisi aya jelema nu nempokeun.

Kabayan : Lahh masa bodo teuing nu boga kebonna gen eweh ieuh, jaba eweh nu nempokeun ieuh di kebon ieuna gen!

            Kabayan langsung naek kana tangkal Nangka nyokot hiji Nangka nu pang kolotna.

Kabayan : Akhirna meunang nangka, ai kieu mah pan ke teh pas balik the bisa sare deui!

Teu lila anu boga kebon datang. Kabayan langsung turun ti tangkal Nangka.

Kabayan : Haduh kumaha ieu! Kang Bolot datang! Mana kacida galakna deui!

Kabayan lumpat ka ragasi nu aya di tukangeun kebon.

Kabayan : Alah kumaha ieu? Jaba haji Bolot datang deui! Ek dikamanakeun ieu nangka!

            Kabayan ngalieuk ka tukang, dipalidkeun eta nangka ku si Kabayan.

Kabayan : Nangka, jung balik tiheula nya! Kuring rek kabur heula!

Nangka teh kabawa palid ku cai, teu lila, nu boga kebon datang.

Haji Bolot : Heh! Sia keur naon di kebon aing! Maneh rek maling?

Kabayan : Henteu Pa haji.

Haji Bolot : Ah sia! Alesan wae! Ngaku weh ari rek maling mah!

Kabayan : Bener Pa haji, teu bohong!

Haji Bolot : Demi naon sia, Kabayan?

Kabayan : Demi Nyi Iteung, Pa haji!

Kang Bolot : Alah, sia! Maling mamawa ngaran pamajikan! Hayu milu jeung urang!
       Urang ka imah Pa RT!

Kabayan : Duh, Pa haji! Ulah atuh! Bener abdi mah teu maling! Sok mana barang buktina!

Haji Bolot : (Mariksa Kabayan) Heueuh geuning, euweuh! Dikamanakeun ku maneh
nangka tadi?

Kabayan : Nya duka atuh, kuring mah teu apal!

Haji Bolot : Lah gandeng sia, hayu milu jeung urang, cuang ka imah pa RT!

Kabayan : Embung atuh Pa haji da kuring mah te maling

Kang Bolot : Gandeng sia tong loba ngmong!

            Akhirna Kabayan dibawa ka imah pa RT ku Haji Bolot!

Haji Bolot : Assalamu’alaikum. Tok… Tok… Tok… Pa RT kaluar pa RT

Pa RT : Aya peryogi naon Pa haji enjing-enjing tos namu?

Haji Bolot : Ieu yeuh Pa RT si Kabayan maling nangka di kebon kuring

Pa RT : Nu leres Pa haji?

Haji Bolot : Eleuh-eleuh ai Pa RT pan uhun atuh matak kuring datang kadieu ge.

Pa RT : Kabayan bener maneh maling nangka nu pa haji Bolot?

Kabayan : hente Pa RT kuring mah te maling nangka!

Pa RT : Sing bener maneh teh ngajawab teh kabayan!

Kabayan : Ciyuss Pa RT kabayan mah te ngabohong!

Haji Bolot : Jujur sia the Kabayan bisi dibawa ka kantor polisi ku urang!

Kabayan : Mana buktina sok kuring maling nangka?

Haji Bolot : Emang eweh buktina mah tapi da kuring nempo sorangan maneh ngala
nangka dina tangkal kuring!

Kabayan : Tapi pan eweh buktina!

Pa RT : Heeh Pa haji da ai eweh buktina mah Pa haji teu bisa nuduh si Kabayan!

Haji Bolot : Heeh geus Kabayan geura balik sia! Tong asup ka kebon kuring deui maneh!

Kabayan : (Lumpat) Dadah, kang Bolot, Pa RT!!

Kabayan balik ka imahna. Sabari leumpang ek balik manehna ngomong sorangan!

Kabayan : Hihihihi… Untung we si Nangka ku kuring dititah balik tiheula, amun henteu
  kuring bisa asup ka imahna Pa Polisi. Kabayan tea atuh dilawan. Ayeuna pasti
  si Nangka geus neupi diimah!

Pas si Kabayan neupi di imah manehna dipapag ku Emak jeung Iteung.

Iteung : Euleuh, akang! Tos dongkap?

Abah  Kabayan : Kumaha meunang teu Nangka teh?

Kabayan : Meunang atuh, mak! Kolot jeung gede deuih!

Iteung : Mana atuh Nangkana, Kang?

Kabayan : Hahh? Can nepi eta Nangka?

Abah Kabayan : Hah? Nepi kumaha, Kabayan?

Kabayan : Si Nangka teh dipalidkeun, dititah balik tiheula ku kuring! Geuningan can
  nepi? Apan eta Nangka teh geus kolot, piraku teu nyaho jalan balik!

Iteung : Heueuh nya, Kang! Eta Nangka teh geuning teu nyaho jalan balik!

Abah Kabayan : Ari sia! Ku belet-belet teuing, Kabayan! Maenya Nangka bisa balik
sorangan! Teu hideng!

Kabayan : Yeuh, si Nangka nu teu hideng mah, Bah!

Abah Kabayan : Hah, ngimpi naon, kuring teh boga anak belet kos sia!

Kabayan : Ai si Abah kabayan sakieu pinterna disebut belet.

Abah Kabayan : Halahh! Rudeut aing boga anak kaos maneh!

            Abah ngaleos, balik ka imahna!
 
Kabayan : Halahh, ai si Abah kalah balik gening! Teung kadieu cuang tungguan di sisi
  ragasi, sugan we si Nangka datang, macet eta the jigana mah dijalanna nya
  teung!

Iteung : Heeh mereun kang jigana mah macet dijalan!

Kabayan : Sok atuh Teung cobaan telepon si Nangkana!

Iteeung : Eleuh-eleuh ai si Akang ek ditelepon kumaha atuh, boga nomorna gen hente!

Kabayan : Kumaha atuh teung, meuni lila gening si Nangka teh?

Iteung : Engges we cuang tungguan, sugan we datang sakedeng deui!

Kabayan sareng Iteung, ngantosan eta Nangka di sisi ragasi, tapi Nangkana teu datang-datang.

0 komentar:

Posting Komentar